twitter
rss



A.  VOKAL
           Vokal atawa aksara huruf nyaeta sora basa anu diwangun ku sora tina bayah (paru-paru) anu kaluarna ngaliwatan tikoro teu kahalangan ku alat ucap seperti biwir, huntu, letah jeung elak-elakan. Sora nu dikaluarkeunnana tergantung  kana 3 hal nyaeta :
  1. luhur-handapna letah
  2. maju mundurna letah
  3. wangun biwir
  nu kaasup hurup vocal nyaeta a,i,u,e,eo jeung eu.

B.  KONSONAN
  Konsonan nyaeta sora basa anu kaluarna tina bayah meunang panghalang tina alat ucap. Dina ngalafalkeunnana aya 3 hal anu kalibet, nyaeta :
  1. kaayaan pita sora
  2. paantelna atawa padeukeutna  sawatara alat ucap
  3. cara eta alat ucap tea paantel atawa padeukeut
  Alat ucap nu paantel atawa padeukeut pikeun ngawangun sora basa disebut articulator, nyaeta : biwir, huntu, gugusi, letah
  lalangit jeung elak-elakan. Tempat patepungna dua articulator
  waktu nglafalkeun  konsonan disebut daerah artikulasi. Nu
  kaasup konsonan dina basa sunda nyaeta : b,c,d,f,g,h,I,j,k.l,m,n,o,p,q,r,s,t,u,v,w,x,y,z,ng jeung ny, sanajan diwangun ku dua aksara tapi ng jeung ny hiji sora.
C.  ENGANG
  Engang teh nyaeta bagian kecap nu diucapkeun dina sakali ngaluarkeun  hawa (napas) ti baham.
  a. Adegan Engang
  Kecap dina basa Sunda bias diwangun ku hiji engang atawa leuwih, contona :
ØHiji engang     :  bray, pok, jung, cing
ØDua engang    :  pan-to, ab-di, ba-pa, du-a
ØTilu engang     :  sa-ko-la, sa-keu-deung, ka-la-pa, sa-ka-li
ØOpat engang   :  bi-bi-lin-tik, ba-la-ngan-trang, pa-im-ba-ran,   pang-su-ju-dan
ØLima engang   :  ba-la-ga-dig-deug, ma-ra-ka-ya-ngan, sa-  ba-ba-ra-ha, mo-ro-ko-dok-dok
Dina basa Sunda aya sababaraha pola engang, Vokal
ditandaan ku (V) ari Konsonan ditandaan ku (K), nya eta :
1.  V  : e-ta, ca-u
2.  VK  : ak-sa-ra, ab-di
3.  KV  : ba-pa, sa-bu-lan
4.  KVK  : pan-to, mang-kat
5.  KKV  : sas-tra, pra-bu
6.  KKVK  : bruk-brak, ban-drek
7.  VKK  : ons, eks
8.  KVKK  : teks, pres
9.  KKKV  : stra-tegi, in-stru-men
10.KKKVK  : struk-tur, tran-skrip
11.KKVKK  : kom-pleks
12.KVKKK  : korps
b.  Ngarucat Engang
  Ngarucat engang dina basa kecap asal saperti ieu dihandap:
qLamun di tengah kecap aya dua vocal nu ngantet, misahkeunana kudu diantara eta dua vocal.
  Contona : sa-ir, da-un, leu-it
qLamun di tengah kecap aya konsonan diantara dua vocal, misahkeunana kudu samemeh eta konsonan.
  Contona : a-ya, sa-yur, e-ta
qLamun di tengah kecap aya dua konsonan atawa leuwih anu ngantet, misahkeunana diantara konsonan kahiji jeung kadua.
  Contona : tib-ra, nam-bru, gub-rag

0 komentar:

Posting Komentar